Daun kalapa nu oyag katebak angin. Siga gupayna, kawas gupayna nu lawas ilang. Kasawang deui, nembongan deui. Asih munggaran nu teu kahontal dina lamunan. Mun seug manehna kiwari aya gigireun, meureunan hate moal tagiwur dirungrung gandrung. Atuh ka mana? Naha di mana? Ukur ngolebat dina lamunan. Dina lamunan… Unggal tempat tos dipapay, manehna taya laratan. Unggal beja nu katampa, dijugjug weleh teu aya. Kembang-kembang katresna. Nu kungsi nyambuang. Ukur tinggal waasna. Nyeungitan lamunan…
Yayan Jatnika Punya
Iklan
Filed under: Lirik Lagu, angin, kembang, lamunan, tresna, yayan jatnika